Jumat, 14 Juni 2013

Prolog Acara Upacara Adat Perpisahan MTs Assalam Majalaya



Cunduk Waktu nu rahayu
Datang mangsa nu utama
Kiwari sabada rengse
Ngolah lautan elmu Tilu taun lamina
Seja amit mungkur pileuleuyan

Sumangga urang sarengan ku upacara paturay tineung

Nitis wanci nu mustari tepung taun milangkala
Mangsa lawas geus karandapan
Pungkasan lulus banglus rahayu

Siswa-siswi hareupan nagri
Geus tuntas tolabul Ilmi
Kiwari rek di istrenan

Mangga ka Bapa/ Ibu Ketua Yayasan / Bapak/ Ibu kapala Madrasah dihaturanan linggih. Oge perwakilan siswa anu berprestasi mangga.

Buktos karumaosan siswa kanu janteun Bapak miwah Ibu guru di sakola seja sungkem mundut pangapunten sareng neda pidu’a.

Mangga kasep geulis, sareng kumanah anu wening bersih, kalayan ikhlas hideup sungkem ka Bapak sareng Ibu.
Siswa: Bapak/Ibu….tilu taun lamina abdi di didik jeung diatik, diasah ku pangabisa, di patri ku pangarti, rumaos abdi teh parantos ngarepotken bapak sinareng ibu, Bapak Ibu…tilu taun sanes waktos anu sakedap ngerahken pangabisa, ngaweruh elmu, pinuh ku kasabaran jeung katekunan, rumaos abdi seuur kalepatan.

Bapak/Ibu….atos dugi kana mangsana urang kedah paturay tineung, tilu taun karaos sakedap pisan aya dina kadeuudeuh sareng kanyaah bapa sareng Ibu.

Bapa/Ibu, abdi neda pidu’a guesan ngahontal cita-cita jeung harepan.

Bapa/Ibu … nya waktos ayeuna abdi seja pilueleuyan, haturnuhun bapa/ haturnuhun Ibu.

Bapa/ibu kasaen bapa, kasaen ibu mudah-mudahan dibales ku Allah SWT.
Kaikhlasan Bapak, kaikhlasan Ibu karaos pisan-karaos pisan.
Insya Allah abdi moal hilap kana kasaen bapak sareng ibu.
Mangga Bapak..mangga ibu abdi seja pileueleuyan.

Mangga bapa/ibu geura rangkul putra, angse emun-emunana kalayan du’a ken.

Bapak/Ibu :     Kasep geulis, anaking anak bapak sareng Ibu…
Sanajan tilu taun lilana..bapak/ibu ngaping, ngajaring, ngadidik, ngatik…ngawaris harti….

Omat hideup…...ulah boga sangkaan geus cukup elmu.

Kasep geulis..anaking anak Bapa sareng Ibu… hideup tamat ti MTs Assalam lain hartina hideup geus tamat atawa geus cukup elmu..

Baral..bral…teangan deui.. geura sungsi satutup umur elmu moal beak….bral…tambahan deui…

Kasep geulis..anaking anak bapak..anak ibu…… Taun ieu bet kudu pisah.. Bapa/ibu nalangsa galo jeung bungah…. Teu panasaran..da hideup geus rengse di didk di sakola Bapak sareng Ibu

Bral..bral…bral…geura mencar. Jalan anu kudu di sorang ku hideup masih keneh panjang, lalakon anu katukang jadikeun enteung pikeun hirup di waktu anu bakal dating.
Bral gera miang anaking,..bral pidu’a ti bapak sareng ibu..

Aya mangsa-mangsa na urang kudu patepang, aya mangsa-mangsana urang kudu pautray.

Poe baganti Minggu, minggu baganti bilan,bulan baganti taun, tilu taun atos lamina.

Cag ayeuna hidep ku bapak/ku ibu di ecagken, di lesotken tina aisan gesan naratas jalan panjang anu pinuh kulolongkrang,

Titip ti Bapak sareng Ibu…
Agem agama tatapakan dari gama pananggeyan enggoning hirup Insya Allah Salamet Rahayu.

Bral-bral……………
Ieu Ijazah tanda kalulusan hideup…tarima….kasep…tarima geulis….

Perlambang Bapa sareng Ibu ngalepasken hideup.
 japati lepas tina kurungan…balon pegat tina talina…

Baral…baral….
MTs Assalam anu mawa hideup kana pangarti jeung pangabisa…jaga ku hidep…jaga dina diri, jaga dina rasa..
MTs Assalam

 Bral geura miang..bral geura miang

Cunduk waktu datang mangsa
Urang teu bisa kumaha
Najan reusep sasarengan
Kedal lisan pileleyan
Pileuleyan-pileleyan sapu nyere pegat simpay
Pileulyan-pileleyan paturay patepang deui
Aya mangsana datang, aya mangsana mulang
Mulang jeug datang pinasti kateang
Najan hate pinuh ku kaberat ngagalindeung na ati wilujeng angkat
Pileuleyan-pileleyan sapu nyere pegat simpay
Pileuleyan-pileleyan anu rek ngantun mugia rahmat salamet



Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...