Sabtu, 25 Mei 2019

Cocooan


Tadi isuk-isuk, nganteurkeun barudak ka sakola, tepi ka sakola, barudak jut tarurun tina motor, budak anu leutik mah lumpat muru ka tukang dagang anu keur digembrong.
Kuring ngilu nyampeurkeun panasaran. Singhoréng tukang dagang bebedilan tina awi.
Di jaman kiwari anu kaulinan barudak geus modern, masih kénéh aya anu pirajeunan dagang cocooan barudak anu siga kitu.
Pok aya budak anu nanya "Sabaraha Mang?"
"Dua rébu" ceuk si Emang.
Hargana kasebut murah, lamun dibandingkeun jeung harga cocooan barudak anu aya di emol.
Tapi lamun dibandingkeun jeung jaman baheula mah éta cocooan téh kaasup mahal, sabab cocooan anu kitu-kitu waé mah sok pirajeunan nyarieun sorangan. Teu kudu ucul duit.

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...