Selasa, 23 Juli 2019

Kémah









Deuh nya ogé geus nincak SMA tapi angger wé kamelang anu jadi indung kanu jadi anak mah aya waé. Poé tadi si cikal indit kémah ti sakolana, ménta dianteurkeun ka sakolana sab teu menang mawa motor. Isuk kénéh geus indit, motor manéhna anu mawa, ajog ka gerbang sakola reug motorna dieureunkeun. "Naha teudikalebetkeun A?" Cékéng téh.. "Ah wios atos wé didieu! Uih deui we Ibu mah" Jawabna. Nya kuring nurunkeun rangsel anu berat kubabawaan song diasongkeun ka si cikal, si cikal nyium leungeun bari unjuk salam. Ku ngahelasna haté, ku kuring di anteur ku teuteup.

Sabot si cikal asup ka kelas kuring nguliwed, teu tuluy indit. Dina haté rék nganteur nepi ka naék kana trek.

Barudak dikumpulkeun tuluy dipapagahan ku guruna, kuring ngadédéngékeun diluar da puguh jéntré pisan maké spiker. Kadéngé wé "Ya anak-anak sebelum berangkat mari kita bedo'a dulu, berdo'a dalam hati mulai!" Sora dina spiker jéntré.

"Ah téréh kaluar barudak téh!" Kitu gerentes haté, enya wé teulila tidinyamah barudak riab, teu riab kumaha atuh da sidik budak anu ayeuna asup ka sakola éta téh 565 ceuk guru anu ngobrol jeung kuring. Guru paciweuh mernahkeun barudak ditumpakeun kana trek, diitung ku kuring trekna aya kana tiluwelasna.

Sabot kitu aya anu nyalukan "Ibuu!" Pas malik singhoréng murid baheula keur SMP ayeuna geus jadi guru, deuh kuring sosonoan ngobrol kaditu-kadieu teulila ti dinya pék téh aya guru lalaki nyolongkrong deui ngasongkeun leungeun duh nya geuningan mahasiswa kuring bahela. Deuh reueus ningali murid geus jaradi guru di sakola si cikal. Atuh sakalian kuring nitipkeun si cikal.

Trek narungtutan kaluar ti buruan sakola. Guru anu tadi, amitan arindit. Ngalieuk katukang si cikal masih ngariung jeung baladna, kuring nyalukan guru anu tadi, ieu barudak tinggaleun atuh guruna ribut neleponan, antukna barudak lempang ka jalan, néang angkot rék nyusul trek.
Enya ari kulobamah teu katohian éta budak acan kaangkut aya kana dua welas urangna.
Deuh aya-aya waé.

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...