Rabu, 22 Mei 2019

Tangkal Gedang

Aya tangkal gedang hareupeun imah, gedangna meuhpeuy kacida. Unggal poé aya waé anu asak, ngan da ari anu di imah mah teu pati raresepeun, kuring ogé ukur nuang sapotong dua potong.
Tapi sok aya tatangga anu ngadon rék nalukeran pajar téh cenah. Ngan ku kuring sok dibéré, "pék we hoyong mah ngala".
Aya ogé anu ngalaliwat hareupeun imah sok ngadon aleureun heula kabita cenah ku gedang.
Mun mangsana loba anu asak ku kuring sok dianteur-anteurkeun ka dulur-dulur, malah sakapeung mah anu ngaliwat ogé sok ditawaran atawa anu ngadon balanja ka warung sok ditawaran ku kuring.
Hiji mangsa aya anu datang ka warung, "Peryogi gedang", cenah,
"Mangga hoyong mah ngala!" ceuk kuring.
"Sabaraha?" cenah
"Ah mangga da teu di ical" Ceuk kuring.
"Sabaraha atuh anu leres?"
"Pék wé hoyong mah ngala mung da aratah kéneh gedang na gé" cékéng téh.
"Muhun da peryogina anu atah" pok na.
"Ké atuh sakeudap",
léos kuring ka pawon maksud mah néangan bapana.
Bapana nyampeurkeun ka hareup.
Ngobrol wé upleuk. Tayohna paadu harga meureun.
Sup bapana ka jéro imah ngumahakeun éta gedang ditawar cenah rék diduitan.
Keukeuh kuring mah pék we hayang mah sina ngala.
Sugan téh butuhna ukur dua atawa tilu, singhoréng dibabad kabéh, atuh tina tilu tangkal téh aya kana lima karung béas anu 25 kiloan.
Cenah éta gedang atah téh baris dijieun manisan gedang jeung dodol gedang. Puguh wé meureun maréma rék lebaran, jang pangeusi kéler.
Ngan duka diduitan sabaraha éta gedang téh can nanyakeun ka bapana.

WA oh WA

Poé ieu pas jam satengah satu kuring ker WA-an jeung batur kuring. Lila-lila naha jol muter teu asup-asup pesen jeung gambar téh.
Tuluy we di oprék, boa-boa kuota na béak, di cék ka 363, kuota masih loba da sidik karék dieusian mangkukna.
Terus dihapusan bisi berateun teuing, malah gim-gim budak ogé kababad dihapusan.
Tapi angger bé teu robah.
Tuluy, wé di cabut alias di uninstall heula WA na ku kuring téh, tuluy wé di installkeun deui.
Palebah rék di pasangkeun nomer keukeuh teu bisa, "Tidak dapat mengakses" duh rada rewas aya naon ieu?
Fésbuk masih jalan, tuluy wé ngalapak "ada apa dengan WA?".
Loba anu ngomén sarua cenah parem.
Singhoréng kabéh akur, Alhamdulillah
Gening lain hapé na, tapi WA dieureunkeun heula samentara.
Éh akur dina TV one disiarkan Menteri Kominfo nuju sasauran "Medsos diberhentikan sementara untuk menghindari berita simpang siur".
Déuh..

Di Bagi Tabungan

Bérés saur budak ngawanti-wanti.
"Mih, kadé hilap Dédé di bagi tabungan kedah ku Mamih" kitu pok budak.
"Jam sabaraha?" ceuk kuring
Pokonamah Mamih ka sakola jam satengah sapuluh!"
"Heug!" cékéng téh.
Rék indit ka sakola budak ngingetan deui.
"Omat nya Mih, jam satengah sapuluh!" cenah.
"Siap!" Cékéng téh.
Jarum jam di imah geus nunjukeun jam salapan leuwih saparapat. Kuring gura-giru dangdan, sapuluh menit geus bérés dangdan, da kuring mah tara lila-lila, ukur di pupur, di lipenstip wé saolés. Rap di masker, kop kana helm, lain sieun-sieun teuing ku polisi di helm téh tapi pan jang kasalametan urang kénéh.
Teu poho ngarawél jeket anu ngagantung ditukangeun panto kamar rap di paké.
Gerung motor dihirupan ngabéngbéos kuring indit ka sakola budak.
Lima welas menit geus nepi ka sakola.
Di sakola, culang-cileung, néangan budak wéléh teu kapanggih nanya ka babaturana euweuh anu nyahoeun.
"Kring" aya pidio kol tinu jadi adi, singhoréng budak geus aya di imah ninina nyéta indung kuring. Imah indung kuring rada deket ti sakola ukur dua rébu numpak angkot.
Tah aya kitu budak téh teusabar ngadagoan indung, der balik ka imah ninina.
Ninggali indung geus di sakola gura-giru lumpat ka jalan megat angkot. Ditingalikeun tina pidio ku adi kuring.
Tepi ka sakola budak surungah-séréngéh bangun anu atoh ninggali indung. Ku kuring budak di gelendeng.
Kolot-kolot anu lain geus dikumpulkeun di kelas. Kuring ngiluan asup ka kelas. Geus mimitian dicaralukan hiji-hiji sina kahareup.
Giliran budak kuring dicalukan, kuring maju gék diuk dina korsi anu geus sadia.
Teu lila, ubral-obrol saeutik. Song amplop dibikeun ku guru jeung buku tabunganna.
"Mangga di étang bu!" cenah.
Di itung téh lumayan geuning.
Padahal kuring mah tara pati maliré tabungan budak, terus tara ngahususkeun méré duit jang nabung, ngan budakna wé hideng.
Tapi geus aya mah hareupeun, ku kuring di rawu, lumayan jang bekel lebaran aya jang meuli kupat.

DIBAGI TABUNGAN

Bada saur budak ngawanti-wanti omat-omatan.

"Mih, kadé hilap dédé dibagi tabungan kedah ku Mamih" kitu pok budak.
"Jam sabaraha?" ceuk kuring
Pokonamah Mamih ka sakola jam 09.30"
"Heug" cékéng téh.

Rék indit ka sakola budak masih kénéh omat-omatan.

Jarum jam di imah geus nunjukeun jam 09.15. Kuring gura-giru dangdan, cukup 15 menit dangdan kuring mah tara lila-lila, ukur tinggal dibedak di lipenstip wé saolés. Rap di masker, kop kana helm, lain sieun-sieun teuing ku polisi di helm téh tapi pan jang kasalametan urang kénéh, teu poho ngarawél jeket anu ngantung di kamar rap di paké. Gerung motor dihirupan ngabéngbéos kuring indit ka sakola budak.
15 menit geus nepi ka sakola.

Di sakola, culang-cileung, néangan budak wéléh teu kapanggih nanya ka  babaturana euweuh anu nyaho.

Kring aya pidio kol tinu jadi adi, singhoréng budak geus aya di imah ninina nyéta indung kuring. imah indung kuring rada deket ti sakola téh ukur dua rébu numpak angkot.

Tah aya kitu budak téh teusabar ngadagoan indung, der balik ka imah ninina.

Ninggali indung geus di sakola gura-giru lumpat ka jalan megat angkot. Ditingalikeun tina pidio ku adi kuring.

Tepi ka sakola budak surungah-séréngéh bangun anu atoh ninggali indung. Ku kuring budak di gelendeng.

Kolot-kolot anu lain geus dikumpulkeun di kelas. Kuring ngiluan asup ka kelas. Geus mimitian dicaralukan hiji-hiji sina kahareup.

Giliran budak kuring dicalukan, kuring maju gék diuk dina korsi anu geus sadia.
Teu lila, ubral-obrol saeutik. Song amplop dibikeun ku guru jeung buku tabunganna.
"mangga di étang bu" cenah.

Di itung téh lumayan geuning.
Padahal kuring mah tara pati maliré tabungan budak, terus tara ngahususkeun méré duit jang nabung, ngan budakna wé hideng.

Tapi geus aya mah hareupeun, ku kuring di rawu, lumayan jang bekel lebaran aya jang meli kupat.

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...