Kamis, 20 Juni 2019

SAMEN




Minggu-minggu ieu keur usum samen, tiap-tiap sakola ngondang Kolot na keur mawa rapot, sabab ayeunamah kanaikan kelas jeung kalulusan.
Alhamdulillah poé ieu kuring nyempetkeun waktu nedunan pangondang ti sakola pikeun mawa rapot jeung si cikal di wisuda caritanamah.

Tah kieu ngenahna nyakolakeun budak di hiji lembaga timimiti MI tepi ka SMK di hiji tempat, budak kuring tiluanana sakola di tempat anu sarua, samenna dihijikeun, Alhamdulillah teukudu kaditu kadieu.

Kabayang lamun tilu budak samenna mareng, terus béda tempat, meureun kuring morojénja kudu kaditu kadieu.

Jumat, 14 Juni 2019

Mun Teu Ku Urang Ku Saha Deui, Mun Teu Ayeuna Iraha Deui.


 Jaman kiwari geus leungit undak unduk basa sunda téh, lain ngan ukur budak jaman ayeuna hungkul anu teu apal téh, dalah kuring ogé jeung anu saluhureun kuring masih loba anu salah kaprah ngalarapkeunana.
Tapi da enya atuh kuring ogé sok kadang ngarasa rancu mun ningali kotrétan atawa caritaan anu salah kaprah téh. Ngan can bisa ngaropéana.
Tah didieu perluna silih ngingetan, pikeun ngamumulé basa karuhun téh, sangkan ieu basa Sunda téh teu kagusur ku jaman teu kagésér ku kaayaan, ieu téh pancén urang sararéa.
Kaasup peuting ieu bisa gabung kuliah onlén kaleresan Téh Nenden Hernika anu janten narsumna, diajar Basa Sunda, mundel pisan.
Hatur nuhun.







Nyaba


Poé isuk aya rencana rék nyaba niat maluruh baraya anu aya di Purwakarta nyaéta kulawarga ti Jenat Pun Nini. Ti mimiti Kampung Bendul Sukatani, laju ka Cilalawi, laju ka Cilayung, laju ka Cipinang.
Jenat téh gaduh sadérék genep sadayana linggih di Purwakarta, anu jumeneng kénéh hiji deui nyéta raina anu pameget, bari eta ogé atos répot ku kasawat struk, sareng istrina mah teutiasa ninggal.
Kaditu téh seja nyambungkeun tali Silaturahmi, rumaos tamélar kanu jadi baraya di Purwakarta aya kana lima welas tauna meureun teu panggih, padahal jarak Majalaya-Purwakarta téh da teu jauh-jauh teuing, tapi édas ku malesna. Jeung éta wé hésé ngatur waktuna ari rék sasabaan téh.
Mudah-mudahan wé isukan mah pareng sagalana. Salamet nepi ka tujuan. Aamiin.
Rék nepungan séké sélérna anu masih aya, rék nyambungkeun deui tali babarayaan.
Ceuk dina katerangan, sahadé-hadé na babakti anu jadi budak kanu jadi sepuh anu atos tilar tidunya téh salah sahijina nyaéta nyambungkeun deui babarayaan anu geus lila pegat. Sanés kitu?
Hapunten upami lepat

Sabtu, 08 Juni 2019

NGOJAY


Jongjon geus kacumponan mah. Si bungsu ti poéan lebaran kénéh nanagih hayang ngojay, karék poé ieu bisa kalaksanakeun.
Ti imah téh mangkat jam dalapan isuk kénéh kuukuran urang Rancawaas mah, ngahaja ngarah kosong kénéh, da enya datang ka tempat ngojay téh rada coréncang.
Alhamdulillah unggal taun matuh tara kanu jauh. Ukur lima kilo meter ti lembur téh, jadi teukudu macét-macétan. Tempatna lumayan ngeunaheun jang ngasuh budak mah. Ngaran tempatna Kolam Renang Tirta Gemilang ayana di Kampung Bojong Picung, Cikawao, Kecamatan Pacet, Kabupaten Bandung.
Baheula asupna ukur sapuluh rébu saurang, budak kolot ogé sarua, taun ieu naék jadi limalas rébu barudak, kolot duapuluh rébu.
Sabab kuring mah matuh menang diskon jadi limalas rébu diakurkeun budak kolot. Anu ngilu téh rada euyeub diitung aya kana dua puluh urangna. Kuring, Indung, adi-adi jeung alo-alo.
Tilu jam teukarasa ngojay téh, barudak geus katingali gareunteul balas katiisan. Kira-kira jam sabelas lewih saparapat kuring sararéa baralik.
Maju kabeurang anu datang beuki loba.
Batur datang kuring mulang.

Kamis, 06 Juni 2019

Sapuluh Sadudulur

Saban poé lebaran kuring sok ngarasa bungah sabab kaanjangan kunu jadi dulur, anu ngadon marudik téh mondokna di imah kuring. Tilu kamar téh teu cukup pikeun nyumponan tamu anu datang antukna anu sawaréh mah ngalampar di ruang tengah.
Alhamdulillah taun ieu masih bisa kumpul ngariung. Kuring sapuluh sadudulur téh, awéwé genep, lalaki opat, anu geus kulawargaan tujuh. Kuring budak cikal, anu kadua lalaki ngan poé ieu suwung teu milu ngumpul, manéhna keur nganjang ka Garut ka dulur garwana.
Anu katilu lalaki gawéna di Jakarta, sabulan sakali mulang kalemburna di Cihawuk. Anu kaopat awéwé cicingna di Pungkur. Anu kalima awéwé cicingna di Néngkelan Paséh. Anu kagenep awéwé cicingna di Antapani Bandung, anu katujuh lalaki aya kénéh di lembur can kulawargaan, anu kadalapan awéwé cicingna di Banjaran, anu kasalapan awéwé karék lulus SMA taun ieu, anu kasapuluh lalaki karék kelas salapan SMP. Saumur jeung budak kuring anu cikal. Baheula mah ceuk kolot sok di sebut cunaknak cenah.
Alhamdulillah kuring sararéa bisa kumpul téh waktuna kieu, da ngahaja mah hésé. Da puguh geus boga tugas séwang-séwangan.
Alhamdulillah kabéh aya kénéh, dipaparin panjang umur tur saréhat sadayana. Pun biang jeung pun Bapa Alhamdulillah jumeneng kénéh.
Tina duaan téh ayeunamah nambahan minantu tujuh, katambah incu duawelas.
Alhamdulillah, mugia taun hareup masih bisa ngariung mumpulung, kalayan aya dina kaséhatan masih formasi kumplit.
Wilujeng boboran siam.
Taqobalallahu Minna Wa Minkum.
Hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin.

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...