Kamis, 06 Juni 2019

Sapuluh Sadudulur

Saban poé lebaran kuring sok ngarasa bungah sabab kaanjangan kunu jadi dulur, anu ngadon marudik téh mondokna di imah kuring. Tilu kamar téh teu cukup pikeun nyumponan tamu anu datang antukna anu sawaréh mah ngalampar di ruang tengah.
Alhamdulillah taun ieu masih bisa kumpul ngariung. Kuring sapuluh sadudulur téh, awéwé genep, lalaki opat, anu geus kulawargaan tujuh. Kuring budak cikal, anu kadua lalaki ngan poé ieu suwung teu milu ngumpul, manéhna keur nganjang ka Garut ka dulur garwana.
Anu katilu lalaki gawéna di Jakarta, sabulan sakali mulang kalemburna di Cihawuk. Anu kaopat awéwé cicingna di Pungkur. Anu kalima awéwé cicingna di Néngkelan Paséh. Anu kagenep awéwé cicingna di Antapani Bandung, anu katujuh lalaki aya kénéh di lembur can kulawargaan, anu kadalapan awéwé cicingna di Banjaran, anu kasalapan awéwé karék lulus SMA taun ieu, anu kasapuluh lalaki karék kelas salapan SMP. Saumur jeung budak kuring anu cikal. Baheula mah ceuk kolot sok di sebut cunaknak cenah.
Alhamdulillah kuring sararéa bisa kumpul téh waktuna kieu, da ngahaja mah hésé. Da puguh geus boga tugas séwang-séwangan.
Alhamdulillah kabéh aya kénéh, dipaparin panjang umur tur saréhat sadayana. Pun biang jeung pun Bapa Alhamdulillah jumeneng kénéh.
Tina duaan téh ayeunamah nambahan minantu tujuh, katambah incu duawelas.
Alhamdulillah, mugia taun hareup masih bisa ngariung mumpulung, kalayan aya dina kaséhatan masih formasi kumplit.
Wilujeng boboran siam.
Taqobalallahu Minna Wa Minkum.
Hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin.

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...