Minggu, 26 Mei 2019

NGACET

Geus ti sababaraha poé katukang kuring guntreng jeung Bapa Aa, pedah hayang ngacét imah, ngan bingung rék kumaha rupana cét téh.

"Rupa endog asin" cékéng téh. (Korban iklan)
"Anggerkeun krem" ceuk Bapa Aa.
"Rupa bolu pandan atuh" témbal kuring.
"Éh, atos wé saé krem" Bapa Aa némpas.
"Konéng, konéng" kuring nembal deui.
"Atos" pokna téh.
"Nya sok wé atuh kumaha dinya" ceuk kuring.

Bapa Aa ngaléos katukang néangan kaléng urut cét anu sok dipaké nandéan cai hujan. Der ditingalian merk jeung nomorna. "Ngarah akur" pokna téh.

Pabeubeurang indit nyiar cét ka matrial.
Teukungsi lila geus balik deui.
"Aya cét téh?" Tanya kuring.
"Aya, rupana ogé akur" jawabna.

"Ah isuk wé urang hanca ngacét téh" Pokna.
Cét diasupkeun ka jero imah.

Poé tadi mimitian kaléng cét dibuka. Disidik-sidik cét téh béda rupana.
"Deuh naha konéng geuning ieu mah? Padahal merk jeung nomorna sarua". Pokna téh.
Kuringmah seri konéng wé.

Rupa endog asin teu satuju, rupa héjo bolu pandan dicaram. Pék téh bijil konéng.

Kuring surak asa meunang.



Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...