Rabu, 17 Juli 2019

Munggaran Sakola


Sok inget jaman baheula mimiti asup ka ésdé, umur kuring acan tujuh taun, ngan ningali batur sarakola, kabita, sok sanajan acan bisa nanaon, sab teu pernah ngasaan téka da puguh harita mah masih langka kénéh, teu siga ayeuna pan, paud, téka/ra, balatak méh unggal érwé.
Jeung indit sakola téh teu maké dianteur-anteur siga barudak ayeuna. Ukur dipihapékeun ka kapi lanceuk anu geus tiheula sakola. Ngabring wé arindit bareng.
Anjog ka sakola kabéh dibariskeun heula, geus kitu kabéh arasup ka kelas séwang-séwangan, kaasup kuring, kuring asup ka kelas hiji. Gék kuring diuk dina bangku, diuk téh jajaran kadua. Guru masih kénéh sibuk ngatur-ngatur jeung ngabébérés barudak anu lianna. Pas ningali tulisan dina bor kuring reuwas, katingalina meni hésé éta tulisan téh éstuning teu kaharti, mimiti teupuguh rarasaan, késang lembut késang badag barijil, teu puguh rampa, belenyeng kuring lumpat kaluar ti kelas bari luwa-lewé, jig ka tukangeun sakola, inget kénéh kuring diuk di handapeun tangkal kalapa, ceurik wé di dinya mah satarik-tarikna.
Kapi lanceuk kuring duaan anu geus sakola luhureun kuring ningali tayohna téh, ngudag kuring katukang. Terus wé nanya "kunaon bet nangis, aya anu ngaheureuyan?" Aya meureun kanyaah kapi lanceuk ka nu jadi kapi adi.
"Sanés" jawab kuring.
"kunaon atuh?" Tanya kapi lanceuk anu panggedéna.
Kuring tungkul bari tuluy ceurik.
Kapi lanceuk terus ngupahan, bari terus kuring ditungtun "hayu urang ka kelas deui" pokna.
"Alim, hayu jajap wangsul!" pok kuring ka kapilanceuk kuring.
"Naha? Pan nembé lebet, piraku badé uih deui?" Pok kapi lanceuk kuring.
Tuluy wé kuring pada ngupahan.
Kapi lanceuk kuring nanya deui "kunaon atuh?"
Pok kuring ngajawab "Sieun teu tiasa, itu aya seratan dina bor meni hésé".
Kapi lanceuk kuring sareuri ngabarakatak. Ngadéngé jawaban kuring.
Pok kapi lanceuk kuring ngomong deui "Deuh éta mah seratan tilas diajar kelas genep, teuacan dipupus, kelas hiji mah babari kénéh, ukur diajar nyerat papageran heula" pokna téh.
Ngadéngé jawaban kapi lanceuk kitu kuring rada kaupahan, singhoréng éta tulisan dina bor téh urut kelas genep anu acan dipupus.
Ti dinyamah kuring daék deui asup ka kelas. Puguh enya geuning mimitian di ajar téh nulis papageran. Antukna kuring sumanget deui diajar. Sok sanajan anak bawang tapi kuring bisa ngiluan jeung anu lianna.

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...