Jumat, 14 Juni 2019

Mun Teu Ku Urang Ku Saha Deui, Mun Teu Ayeuna Iraha Deui.


 Jaman kiwari geus leungit undak unduk basa sunda téh, lain ngan ukur budak jaman ayeuna hungkul anu teu apal téh, dalah kuring ogé jeung anu saluhureun kuring masih loba anu salah kaprah ngalarapkeunana.
Tapi da enya atuh kuring ogé sok kadang ngarasa rancu mun ningali kotrétan atawa caritaan anu salah kaprah téh. Ngan can bisa ngaropéana.
Tah didieu perluna silih ngingetan, pikeun ngamumulé basa karuhun téh, sangkan ieu basa Sunda téh teu kagusur ku jaman teu kagésér ku kaayaan, ieu téh pancén urang sararéa.
Kaasup peuting ieu bisa gabung kuliah onlén kaleresan Téh Nenden Hernika anu janten narsumna, diajar Basa Sunda, mundel pisan.
Hatur nuhun.







Nyaba


Poé isuk aya rencana rék nyaba niat maluruh baraya anu aya di Purwakarta nyaéta kulawarga ti Jenat Pun Nini. Ti mimiti Kampung Bendul Sukatani, laju ka Cilalawi, laju ka Cilayung, laju ka Cipinang.
Jenat téh gaduh sadérék genep sadayana linggih di Purwakarta, anu jumeneng kénéh hiji deui nyéta raina anu pameget, bari eta ogé atos répot ku kasawat struk, sareng istrina mah teutiasa ninggal.
Kaditu téh seja nyambungkeun tali Silaturahmi, rumaos tamélar kanu jadi baraya di Purwakarta aya kana lima welas tauna meureun teu panggih, padahal jarak Majalaya-Purwakarta téh da teu jauh-jauh teuing, tapi édas ku malesna. Jeung éta wé hésé ngatur waktuna ari rék sasabaan téh.
Mudah-mudahan wé isukan mah pareng sagalana. Salamet nepi ka tujuan. Aamiin.
Rék nepungan séké sélérna anu masih aya, rék nyambungkeun deui tali babarayaan.
Ceuk dina katerangan, sahadé-hadé na babakti anu jadi budak kanu jadi sepuh anu atos tilar tidunya téh salah sahijina nyaéta nyambungkeun deui babarayaan anu geus lila pegat. Sanés kitu?
Hapunten upami lepat

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...