Selasa, 21 Mei 2019

PASAR BINGUNG

Poé kamari tara tara tisasari bet hayang indit ka pasar, da biasa ogé ukur balanja sambeleun mah atawa jang buka sok ti warung wé anu deukeut imah atawa pesen mangmeulikeun ka tukang warungna pasosoré di cokot.
Aya 5 jongko anu ku kuring didatangan, jongko béas, jongko buah buahan, jongko sayuran, jongko daging jeung anu terakhir jongko mangrupa bahan bahan jang mi baso.
Aya pesenan ti si bungsu cenah buka teh hayang ku mi baso.
Kuring balanja mangrupa rupa bahan jang mi baso. Saenggeus milih milih dikérésékan ku tukang dagang na.
Song éta kérésék diasongkeun ka kuring bari nyebut sabaraha anu kudu ku kuring dibayar, ku kuring ditampanan bari jeung song duitna.
Ngarasa geus kumplit balanjaan téh.
Tuluy balik, nepi ka imah balanjaan sok diteundeun dina méja makan, can waka di bukaan.
Bérés sholat asar kakara éta balanjaan teh di bukaan. Mimiti kérésék daging rék dipiara diheulakeun. Tuluy anu liana ku kuring diasup asupkeun kana kulkas.
Pas muka kérésék anu balanjaan paneri, kuring ngahuleung naha éta kérésék eusina lain balanjaan anu kuring. "Ké ké da rarasaan kuring mah teu balanja anu kieu". Gerentes haté téh.
Dibukaan di bulak balik, ngan aya tilu rupa balanjaan kuring mah, anu liana mah lain, ah éta we dikaluarkeun ku kuring téh, anu liana mah reketek éta kérésék ku kuring ditalian deui.
Éta balanjaan teh pohara pisan piduiteun na, teusaimbang jeung duit anu diasongkeun ku kuring ka tukang dagang, pikiran "boa boa pahili ieu balanjaan téh". Rugi gédé tukang dagang téh.
Maksud mah rék buru buru dianteurkeun deui, ngan orokaya da poé geus soré boa jongkona ogé geus tutup.
Poé isukna kuring indit deui ka pasar langsung wé anu dituju téh jongko éta, di asongkeun kérésék bari ku kuring di jelaskeun, jeung ménta dihampura sabab teubisa langsung dianteurkeun da puguh poé geus soré.
"Sanés lepat tétéh abdi anu lepat" ceuk tukang dagang téh.
Bingung cenah tukang dagang téh rék nyusul nyusul kamana da puguh geus tuluy, anu antukna pasrah wé.
Katingali tukang dagang bungaheun nakeur, teusirikna disusuhun eta balanjaan téh dapuguh atuh gédé duitna.

Palatihan VCI


Karék 3 poé katukang kuring ngiluan Palatihan VCI (Virtual Coordinator Indonesia) ieu pelatihan téh, diayakeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat ngaliwatan TIKOMDIK gawé bareng jeung SEAMEO. Timimiti daftar nepi ka diajarna ogé onlén, kacida reueusna sabab kuring bisa ngilu ieu palatihan bisa wanoh, jeung guru-guru sa-Jawa Barat. Anu miluan aya kana 2000 na, tapi di bagi sababaraha kelompok.
Anu matak hemeng, kuring bisa ngawangkong bareng sababaraha peserta maké aplikasi ngarana weBéx ieu pangalaman munggaran jang kuring.
Éta aplikasi WeBéx teh di download hela wé, bisa dina Hapé bisa ogé dina komputer atawa léptop.
Sanggeus di download urang klik we join asupkeun nomor meeting room anu di béré ti panicia, tungguan sakedeung jol barijil sora jeung gambar batur, atuh der we tidinya mah, aya 3 an anu jadi juru wicarana aya anu di sebut Host, Moderator jeung Nara Sumberna, urang mah peserta cukup ngabandungan we heula, ké lamun aya pertanyaan ngacung. Kakara spiker na dihurungkeun.
Éta palatihan téh dimimitian ti jam 20.30 nepi ka jam 22.00 malah lamun loba anu nanyamah bisa nepi ka jam 23.00.
Peting tadi ogé kuring nepika pulesan hédsét mah masih dina ceuli.
Ngan untung teu poho ngesian absén, sabab di ahir sési kudu ngesian absén, ngesi absén ogé onlén. Ngasupkeun ngaran jeung surél urang.
Ieu palatihan téh loba pisan mangfaatna, nyéta urang diajar pikeun jadi host, jadi moderator, jadi nara sumber, terus urang diajar nyieun flyer, nyieun QR code, nyieun rekaman vidio jeung audio urang, nepi ka kudu bisa langsung di upload kana youtube, kudu bisa nyieun chanel youtube sorangan.
Tah anu kararieu téh, elmu anyaran piken kuring mah.
Alhmdulillah kucukangna palatihan ieu jadi nambah kanyaho kuring.
Mudah-mudahan wé élmu na mangfaat hususna jang kuring umumna mah jang sakola binaan kuring.

Palatihan VCI

Karék 3 poé katukang kuring ngiluan Palatihan VCI (Virtual Coordinator Indonesia) ieu pelatihan téh, diayakeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat ngaliwatan TIKOMDIK  gawé bareng jeung SEAMEO. Timimiti daftar nepi ka diajarna ogé onlén, kacida reueusna sabab kuring bisa ngilu ieu palatihan bisa wanoh, jeung guru-guru sa-Jawa Barat. Anu miluan aya kana 2000 na, tapi di bagi sababaraha kelompok.

Anu matak hemeng, kuring bisa ngawangkong bareng sababaraha peserta maké aplikasi ngarana weBéx ieu pangalaman munggaran jang kuring.

Éta aplikasi WeBéx teh di download hela wé, bisa dina Hapé bisa ogé dina komputer atawa léptop.

Sanggeus di download urang klik we join asupkeun nomor meeting room anu di béré ti panicia, tungguan sakedeung jol barijil sora jeung gambar batur, atuh der we tidinya mah, aya 3 an anu jadi juru wicarana aya anu di sebut Host, Moderator jeung Nara Sumberna, urang mah peserta cukup ngabandungan we heula, ké lamun aya pertanyaan ngacung. Kakara spiker na dihurungkeun.

Éta palatihan téh dimimitian ti jam 20.30 nepi ka jam 22.00 malah lamun loba anu nanyamah bisa nepi ka jam 23.00.

Peting tadi ogé kuring nepika kapulesan hédsét mah masih dina ceuli.

Ngan untung teu poho ngesian absén, sabab di ahir sési kudu ngesian absén, ngesi absén ogé onlén. Ngasupkeun ngaran jeung surél urang.

Ieu palatihan téh loba pisan mangfaatna, nyéta urang diajar pikeun jadi host, jadi moderator,  jadi nara sumber, terus urang diajar nyieun flyer, nyieun QR code, nyieun rekaman vidio jeung audio urang, nepi ka kudu bisa langsung di upload kana youtube, kudu bisa nyieun chanel youtube sorangan.

Tah anu kararieu téh, elmu anyaran piken kuring mah.

Alhamdulillah kucukangna palatihan ieu jadi nambah kanyaho kuring.
Mudah-mudahan wé élmu na mangfaat hususna jang kuring umumna mah jang dunia atikan.

PASAR BINGUNG

Poé kamari tara tara tisasari bet hayang indit ka pasar, maksudna mah rék néangan jang buka puasa. Ari di pasar mah pan loba piliheun.
Aya 5 jongko anu ku kuring didatangan, jongko béas, jongko buah buahan, jongko sayuran, jongko daging jeung anu terakhir jongko mangrupa bahan bahan jang mi.
Aya pesenan ti si bungsu cenah buka teh hayang ku mi baso.
Kuring balanja mangrupa rupa bahan jang mi baso.
Saenggeus milih milih dikérésékan ku tukang dagang na.
Song éta kérésék diasongkeun ka kuring bari nyebut sabaraha anu kudu ku kuring dibayar, ku kuring ditampanan bari jeung song duitna.
Ngarasa geus kumplit balanjaan téh.
Tuluy balik, nepi ka imah balanjaan sok diteundeun dina méja makan, can waka di bukaan.
Bérés sholat asar kakara éta balanjaan teh di bukaan.
Mimiti kérésék daging rék dipiara diheulakeun.
Tuluy anu liana ku kuring diasup asupkeun kana kulkas.

Pas muka kérésék anu balanjaan paneri, kuring ngahuleung naha éta kérésék eusina lain balanjaan anu kuring. "Ké ké da rarasaan kuring mah teu balanja anu kieu". Gerentes haté téh.

Dibukaan di bulak balik, ngan aya tilu rupa balanjaan kuring mah, anu liana mah lain, ah éta we dikaluarkeun ku kuring téh, anu liana mah reketek éta kérésék ku kuring ditalian deui.

Éta balanjaan teh pohara pisan piduiteun na,  teusaimbang jeung duit anu diasongkeun ku kuring ka tukang dagang, pikiran "boa boa pahili ieu balanjaan téh". Rugi gédé tulang dagang téh.

Maksud mah rék buru buru dianteurkeun deui, ngan orokaya da poé geus soré boa pasarna ogé geus tarutup.

Poé isukna kuring indit deui ka pasar langsung wé anu dituju téh jongko éta, di asongkeun kérésék bari ku kuring di jelaskeun, jeung ménta dihampura sabab teubisa langsung dianteurkeun  da puguh poé geus soré, "sanés lepat tétéh abdi anu lepat" ceuk tukang dagang téh.
Bingung cenah tukang dagang téh rék nyusul nyusul kamana da puguh geus tuluy, anu antukna pasrah wé.

Katingali tukang dagang bungaheun nakeur, teusirikna disusuhun eta balanjaan téh dapuguh atuh gédé duitna éta téh.

Ngalapak


Poé kamari Icih ngalapak ngan édas teu beubeunangan. Teuaya anu ngalaik-laik acan, komo anu ngomén mah.
Panasaran Isukna der deui ngalapak,
Sarua teu beubeunangan padahal geus béak déngkak.
"Ah moal rék putus harepan" kitu ceuk Icih ayeuna rék ngalapak deui sugan jeung sugan ayeunamah beubeunangan.
"Tring.."
Icih curinghak tuluy wé ditingali
"Tah gening ayeunamah aya anu ngalaik" kitu ceuk Icih bari sura- seuri, lumayan aya saurang. Tiharita hapéna teu jémpé tuluy trung-tring nepi keun ka opat welas kali.
Hapé teu wéléh unggal detik unggal menit di témpoan boa aya deui anu ngalaik atawa ngomén kana status anu anyar kénéh diapungkeun.
"Tring.."
Hapéna disada deui, Icih atoh anu teu aya papadana statusna aya anu ngomén. Icih langsung muka statusna.
Tuluy wé ngabales koménanana.
Sapoé harita Icih kacida bungahna yén status anu kakara diapungkeun téh loba anu ngalaik jeung ngomén.
Beuki wé Icih téh sumanget ngapungkeun status dina médsosna.
Singhoréng ngalapak pérsi Icih mah nyaéta ngapungkeun status dina médsos.
Aya-aya waé Icih mah.
Jadi pesen moral tina carita ieu méré laik jeung ngomén téh nambah sumanget kanu ngapungkeun statusna. 

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...