Minggu, 07 Juli 2019

NGEMSI



Poé tadi mancén tugas ngemsi téh dina raraga ngaresmikeun gedong anyar. Ari anu rék datang téh para inohong, salah sawiosna inohong éta, saméméh acara dimimitian tim protokoler geus datang ka lokasi, tudah tuduh kudu kitu, kudu kieu.

Panicia geus nyadiaan méja jang tatamu kumplit jeung susuguhna, maksudna hayang nyugemakeun anu jadi tamu, tapi kumanéhna diucutan deui, méjana kudu diganti, pon kitu deui susuguhna, terus éta korsi anu geus rapi ditingalian deui, diketrukan meureun bisi kebul, tarapti pisan, terus manéhna nyiapkeun kertas, kertas dingaranan ditémpélkeun dina korsi. Jeung réa-réa deui, pokonamah loba hal anu kupanicia geus disiapkeun teu payus jeung tim protokolerna, nya panicia ngéléhan.

Terus kuring anu jadi emsina ogé di briping, dibéré wejangan kudu kitu, kudu kieu.
Acara anu dibikeun ti panicia aya anu di corét aya ogé anu diganti posisi anu tadina dihandap kudu dikaluhurkeun.

Saanggeus kitu, aya info réh na inohong éta téh geus di jalan rék indit ka lokasi, atuh deur kuring téh ku panicia dikodeuan siap mimitian cenah, deur atuh kuring téh ngamimitian, karék sabaraha ucap tim protokolerna gugupay nyarék maksudnamah ulah waka dimimitian posisi jauh kénéh,  atuh kuring téh spontan ngajawab "nuju gladi".

Sababaraha kali ngémsi formal, ieu ngémsi anu ngalalakon pisan, tapi aya hadéna ieu téh jadi pangalaman jang kuring. Dimana ngémsi deui ngundang inohong éta kuring kudu geus siap.

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...