Senin, 08 Juli 2019

Ngotrét

Resep ngotrét téh geus ti baheula, sagala rupa pamanggih dina kahirupan ku kuring sok di kotrét.
Keur mangsana resep ngotrét harita tayohna unggal poé ngotrét, sab kuring nyieun babasan "One day one article" kitu basa légégnamah, bérés ngotrét sok rajeun diapungkeun ngaliwatan surél ka média cetak, terus kitu wé, jeung kitu, sababaraha kotrétan aya anu di terbitkeun dina majalah, sababaraha ogé anu di tolak taya balesan, aya ogé anu rajeun nelepon ti tim redaksina.
Hiji mangsa pernah di telepon ku tim rédaksi wiréhna kotrétan téh teu payus keur di diterbitkeun, alasanna rupa-rupa, tapi kurarasaan kuring, éta kotrétan téh teuaya salahna, tapi ceuk manéhnamah "kurang tepat ku masa ayeuna" kitu tah.
Tah tiharita kuring rada down, haroréam ngotrét deui pikeun diapungkeun ka redaksi, heunteu ari kapok mah.
Kadieunakeun kuring nyieun "blog", pikeun nyalurkeun kareuseup kuring kutrat-kotrét, ngan dina "blog" kuring teu ukur ngotrét hiji widang, "blog" kuring ibarat diary pikeun kuring.
Ngan numutkeun para pakar cenah "blog" anu hadé mah ngahususkeun kana hiji widang, lamun téa mah widang seni husus seni, atawa widang atikan husus widang atikan, jeung réa-réa deui.
Kuring rék nyobaan nyieun "blog" anu ngahususkeun kana widang basa sunda. Ngan kuring masih kénéh kudu loba diajar ngeunaan basa Sunda, diantos pangrojongna tisadayana balad PS.



Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...