Sabtu, 10 Agustus 2019










Poé Salasa kamari, méméh indit ka kantor, aya tukang dagang sabangsaning pakakas dapur anu dijieunna tina awi. Asa bobok manggih gorowong, ku kuring dicalukan, kuring butuh ayakan, ngan hanjakal gening ayakanna mah nuju suwung.

Atuh éta ningali hihid, nyiru jeung tolombong asa kabita, nya antuknamah meuli anu aya waé. Jeung inget rék nyanghareupan kurban, kapaké sigana hihid jang ngageber saté, hé..hé.. sagédéngeun éta téh karunya katukang dagangna, panganing jauh ti daérah Betah.

Tukang dagangna ngadogéng indit ka pasar balanja barang dagangan téh jam dua peuting, ngiangkeun dagangan ti jam satengah genep, mapay-mapay lembur. 
Duh perjuangan néang kifayah. Mugia berkah.

Harga tolombong dua puluh lima rébu, hihid tujuh rébu lima ratus, nyiru lima belas rébu. Tilu rupa téh opat puluh tujuh rébu lima ratus kalintang murahna da nyieun soranganmah teubisa wé 🤭
Tapi kiwari fungsi pakakas saperti kitu téh geus kadeseh ku bahan-bahan nu leuwih modern saperti tina plastik. Ngan ceuk kuring parabot tina anyaman awi lewih aman dipaké dibandingkeun jeung tina palastik. 

Cag.

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...