Senin, 01 Juli 2019

Tibaheula ogé Kuring mah Bisa Maca

"Alhamdulillah Tibaheula ogé Kuring mah Bisa Maca"

Poé salasa saminggu kalarung, indit ka kantor téh kana kandaraan umum da rada nyalsé, ti imah na nga ojol nepi ka Ciparay, ti Ciparay sambung kana angkot.
Dina angkot pinuh ku Ibu-ibu wungkul, sabagéan anu baralik ti pasar, sabagéan ibu-ibu anu rék arindit ka kantor, maké saragam akur jeung kuring.
Ngan enya iwal ti kuring anu teu nyoo hapé, kuring mah sok aya lieur lamun nyoo hapé dina kandaraan téh, jeung sok palaur kitu, jaga-jaga, hariwang..
Ngan heunteu wé di potrét, kabéh ibu-ibu anu diukna hareupeun jeung gigireun kuring tarungkul anteng kana hapéna séwang-séwangan.
Kuring merhatikeun obrolan supir jeung panumpang lalaki dihareup. Panumpang ngasongkeun duit 100 rebu, jang ongkosna meureun, supir ngajawab "teuacan aya récéh".
Panumpang lalaki éta rugah rogoh kana saku tayohna néangan récéh, teu manggih..
Antukna éta panumpang téh ngasongkeun bungkus roko pok éta panumpang téh ngomong "Nyeuseup atuh A".
Kuring rewas ku jawaban supir, pok na:
"Alhamdulillah tibaheula ogé abdimah tiasa maca".
Tayohna si supir téh tara ngaroko.
Panumpang ngajawab "maksudna kuring teubisa maca kitu?".
Supir ngajawab: "ah henteu, abdi teu nyebatkeun anu ngaroko teubisa maca"
"abdimah tibaheula ogé bisa maca kitu" pokna deui..
Panumpang rada jamedud bari ménta eureun, tayohna geus nepi ka tempat anu di tuju, song deui ngasongkeun duit anu 100rb, sabab acan aya jang pamulangan supir malik katukang, méntaan heula ongkos ka panumpang anu lain.
Cag
Rancawaas, 1 Juli 2019

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...