Selasa, 21 Mei 2019

Ngalapak


Poé kamari Icih ngalapak ngan édas teu beubeunangan. Teuaya anu ngalaik-laik acan, komo anu ngomén mah.
Panasaran Isukna der deui ngalapak,
Sarua teu beubeunangan padahal geus béak déngkak.
"Ah moal rék putus harepan" kitu ceuk Icih ayeuna rék ngalapak deui sugan jeung sugan ayeunamah beubeunangan.
"Tring.."
Icih curinghak tuluy wé ditingali
"Tah gening ayeunamah aya anu ngalaik" kitu ceuk Icih bari sura- seuri, lumayan aya saurang. Tiharita hapéna teu jémpé tuluy trung-tring nepi keun ka opat welas kali.
Hapé teu wéléh unggal detik unggal menit di témpoan boa aya deui anu ngalaik atawa ngomén kana status anu anyar kénéh diapungkeun.
"Tring.."
Hapéna disada deui, Icih atoh anu teu aya papadana statusna aya anu ngomén. Icih langsung muka statusna.
Tuluy wé ngabales koménanana.
Sapoé harita Icih kacida bungahna yén status anu kakara diapungkeun téh loba anu ngalaik jeung ngomén.
Beuki wé Icih téh sumanget ngapungkeun status dina médsosna.
Singhoréng ngalapak pérsi Icih mah nyaéta ngapungkeun status dina médsos.
Aya-aya waé Icih mah.
Jadi pesen moral tina carita ieu méré laik jeung ngomén téh nambah sumanget kanu ngapungkeun statusna. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...