Selasa, 21 Mei 2019

Palatihan VCI


Karék 3 poé katukang kuring ngiluan Palatihan VCI (Virtual Coordinator Indonesia) ieu pelatihan téh, diayakeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat ngaliwatan TIKOMDIK gawé bareng jeung SEAMEO. Timimiti daftar nepi ka diajarna ogé onlén, kacida reueusna sabab kuring bisa ngilu ieu palatihan bisa wanoh, jeung guru-guru sa-Jawa Barat. Anu miluan aya kana 2000 na, tapi di bagi sababaraha kelompok.
Anu matak hemeng, kuring bisa ngawangkong bareng sababaraha peserta maké aplikasi ngarana weBéx ieu pangalaman munggaran jang kuring.
Éta aplikasi WeBéx teh di download hela wé, bisa dina Hapé bisa ogé dina komputer atawa léptop.
Sanggeus di download urang klik we join asupkeun nomor meeting room anu di béré ti panicia, tungguan sakedeung jol barijil sora jeung gambar batur, atuh der we tidinya mah, aya 3 an anu jadi juru wicarana aya anu di sebut Host, Moderator jeung Nara Sumberna, urang mah peserta cukup ngabandungan we heula, ké lamun aya pertanyaan ngacung. Kakara spiker na dihurungkeun.
Éta palatihan téh dimimitian ti jam 20.30 nepi ka jam 22.00 malah lamun loba anu nanyamah bisa nepi ka jam 23.00.
Peting tadi ogé kuring nepika pulesan hédsét mah masih dina ceuli.
Ngan untung teu poho ngesian absén, sabab di ahir sési kudu ngesian absén, ngesi absén ogé onlén. Ngasupkeun ngaran jeung surél urang.
Ieu palatihan téh loba pisan mangfaatna, nyéta urang diajar pikeun jadi host, jadi moderator, jadi nara sumber, terus urang diajar nyieun flyer, nyieun QR code, nyieun rekaman vidio jeung audio urang, nepi ka kudu bisa langsung di upload kana youtube, kudu bisa nyieun chanel youtube sorangan.
Tah anu kararieu téh, elmu anyaran piken kuring mah.
Alhmdulillah kucukangna palatihan ieu jadi nambah kanyaho kuring.
Mudah-mudahan wé élmu na mangfaat hususna jang kuring umumna mah jang sakola binaan kuring.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...