Selasa, 21 Mei 2019

PASAR BINGUNG

Poé kamari tara tara tisasari bet hayang indit ka pasar, da biasa ogé ukur balanja sambeleun mah atawa jang buka sok ti warung wé anu deukeut imah atawa pesen mangmeulikeun ka tukang warungna pasosoré di cokot.
Aya 5 jongko anu ku kuring didatangan, jongko béas, jongko buah buahan, jongko sayuran, jongko daging jeung anu terakhir jongko mangrupa bahan bahan jang mi baso.
Aya pesenan ti si bungsu cenah buka teh hayang ku mi baso.
Kuring balanja mangrupa rupa bahan jang mi baso. Saenggeus milih milih dikérésékan ku tukang dagang na.
Song éta kérésék diasongkeun ka kuring bari nyebut sabaraha anu kudu ku kuring dibayar, ku kuring ditampanan bari jeung song duitna.
Ngarasa geus kumplit balanjaan téh.
Tuluy balik, nepi ka imah balanjaan sok diteundeun dina méja makan, can waka di bukaan.
Bérés sholat asar kakara éta balanjaan teh di bukaan. Mimiti kérésék daging rék dipiara diheulakeun. Tuluy anu liana ku kuring diasup asupkeun kana kulkas.
Pas muka kérésék anu balanjaan paneri, kuring ngahuleung naha éta kérésék eusina lain balanjaan anu kuring. "Ké ké da rarasaan kuring mah teu balanja anu kieu". Gerentes haté téh.
Dibukaan di bulak balik, ngan aya tilu rupa balanjaan kuring mah, anu liana mah lain, ah éta we dikaluarkeun ku kuring téh, anu liana mah reketek éta kérésék ku kuring ditalian deui.
Éta balanjaan teh pohara pisan piduiteun na, teusaimbang jeung duit anu diasongkeun ku kuring ka tukang dagang, pikiran "boa boa pahili ieu balanjaan téh". Rugi gédé tukang dagang téh.
Maksud mah rék buru buru dianteurkeun deui, ngan orokaya da poé geus soré boa jongkona ogé geus tutup.
Poé isukna kuring indit deui ka pasar langsung wé anu dituju téh jongko éta, di asongkeun kérésék bari ku kuring di jelaskeun, jeung ménta dihampura sabab teubisa langsung dianteurkeun da puguh poé geus soré.
"Sanés lepat tétéh abdi anu lepat" ceuk tukang dagang téh.
Bingung cenah tukang dagang téh rék nyusul nyusul kamana da puguh geus tuluy, anu antukna pasrah wé.
Katingali tukang dagang bungaheun nakeur, teusirikna disusuhun eta balanjaan téh dapuguh atuh gédé duitna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...