Rabu, 22 Mei 2019

Tangkal Gedang

Aya tangkal gedang hareupeun imah, gedangna meuhpeuy kacida. Unggal poé aya waé anu asak, ngan da ari anu di imah mah teu pati raresepeun, kuring ogé ukur nuang sapotong dua potong.
Tapi sok aya tatangga anu ngadon rék nalukeran pajar téh cenah. Ngan ku kuring sok dibéré, "pék we hoyong mah ngala".
Aya ogé anu ngalaliwat hareupeun imah sok ngadon aleureun heula kabita cenah ku gedang.
Mun mangsana loba anu asak ku kuring sok dianteur-anteurkeun ka dulur-dulur, malah sakapeung mah anu ngaliwat ogé sok ditawaran atawa anu ngadon balanja ka warung sok ditawaran ku kuring.
Hiji mangsa aya anu datang ka warung, "Peryogi gedang", cenah,
"Mangga hoyong mah ngala!" ceuk kuring.
"Sabaraha?" cenah
"Ah mangga da teu di ical" Ceuk kuring.
"Sabaraha atuh anu leres?"
"Pék wé hoyong mah ngala mung da aratah kéneh gedang na gé" cékéng téh.
"Muhun da peryogina anu atah" pok na.
"Ké atuh sakeudap",
léos kuring ka pawon maksud mah néangan bapana.
Bapana nyampeurkeun ka hareup.
Ngobrol wé upleuk. Tayohna paadu harga meureun.
Sup bapana ka jéro imah ngumahakeun éta gedang ditawar cenah rék diduitan.
Keukeuh kuring mah pék we hayang mah sina ngala.
Sugan téh butuhna ukur dua atawa tilu, singhoréng dibabad kabéh, atuh tina tilu tangkal téh aya kana lima karung béas anu 25 kiloan.
Cenah éta gedang atah téh baris dijieun manisan gedang jeung dodol gedang. Puguh wé meureun maréma rék lebaran, jang pangeusi kéler.
Ngan duka diduitan sabaraha éta gedang téh can nanyakeun ka bapana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...