Rabu, 22 Mei 2019

DIBAGI TABUNGAN

Bada saur budak ngawanti-wanti omat-omatan.

"Mih, kadé hilap dédé dibagi tabungan kedah ku Mamih" kitu pok budak.
"Jam sabaraha?" ceuk kuring
Pokonamah Mamih ka sakola jam 09.30"
"Heug" cékéng téh.

Rék indit ka sakola budak masih kénéh omat-omatan.

Jarum jam di imah geus nunjukeun jam 09.15. Kuring gura-giru dangdan, cukup 15 menit dangdan kuring mah tara lila-lila, ukur tinggal dibedak di lipenstip wé saolés. Rap di masker, kop kana helm, lain sieun-sieun teuing ku polisi di helm téh tapi pan jang kasalametan urang kénéh, teu poho ngarawél jeket anu ngantung di kamar rap di paké. Gerung motor dihirupan ngabéngbéos kuring indit ka sakola budak.
15 menit geus nepi ka sakola.

Di sakola, culang-cileung, néangan budak wéléh teu kapanggih nanya ka  babaturana euweuh anu nyaho.

Kring aya pidio kol tinu jadi adi, singhoréng budak geus aya di imah ninina nyéta indung kuring. imah indung kuring rada deket ti sakola téh ukur dua rébu numpak angkot.

Tah aya kitu budak téh teusabar ngadagoan indung, der balik ka imah ninina.

Ninggali indung geus di sakola gura-giru lumpat ka jalan megat angkot. Ditingalikeun tina pidio ku adi kuring.

Tepi ka sakola budak surungah-séréngéh bangun anu atoh ninggali indung. Ku kuring budak di gelendeng.

Kolot-kolot anu lain geus dikumpulkeun di kelas. Kuring ngiluan asup ka kelas. Geus mimitian dicaralukan hiji-hiji sina kahareup.

Giliran budak kuring dicalukan, kuring maju gék diuk dina korsi anu geus sadia.
Teu lila, ubral-obrol saeutik. Song amplop dibikeun ku guru jeung buku tabunganna.
"mangga di étang bu" cenah.

Di itung téh lumayan geuning.
Padahal kuring mah tara pati maliré tabungan budak, terus tara ngahususkeun méré duit jang nabung, ngan budakna wé hideng.

Tapi geus aya mah hareupeun, ku kuring di rawu, lumayan jang bekel lebaran aya jang meli kupat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...