Rabu, 22 Mei 2019

Di Bagi Tabungan

Bérés saur budak ngawanti-wanti.
"Mih, kadé hilap Dédé di bagi tabungan kedah ku Mamih" kitu pok budak.
"Jam sabaraha?" ceuk kuring
Pokonamah Mamih ka sakola jam satengah sapuluh!"
"Heug!" cékéng téh.
Rék indit ka sakola budak ngingetan deui.
"Omat nya Mih, jam satengah sapuluh!" cenah.
"Siap!" Cékéng téh.
Jarum jam di imah geus nunjukeun jam salapan leuwih saparapat. Kuring gura-giru dangdan, sapuluh menit geus bérés dangdan, da kuring mah tara lila-lila, ukur di pupur, di lipenstip wé saolés. Rap di masker, kop kana helm, lain sieun-sieun teuing ku polisi di helm téh tapi pan jang kasalametan urang kénéh.
Teu poho ngarawél jeket anu ngagantung ditukangeun panto kamar rap di paké.
Gerung motor dihirupan ngabéngbéos kuring indit ka sakola budak.
Lima welas menit geus nepi ka sakola.
Di sakola, culang-cileung, néangan budak wéléh teu kapanggih nanya ka babaturana euweuh anu nyahoeun.
"Kring" aya pidio kol tinu jadi adi, singhoréng budak geus aya di imah ninina nyéta indung kuring. Imah indung kuring rada deket ti sakola ukur dua rébu numpak angkot.
Tah aya kitu budak téh teusabar ngadagoan indung, der balik ka imah ninina.
Ninggali indung geus di sakola gura-giru lumpat ka jalan megat angkot. Ditingalikeun tina pidio ku adi kuring.
Tepi ka sakola budak surungah-séréngéh bangun anu atoh ninggali indung. Ku kuring budak di gelendeng.
Kolot-kolot anu lain geus dikumpulkeun di kelas. Kuring ngiluan asup ka kelas. Geus mimitian dicaralukan hiji-hiji sina kahareup.
Giliran budak kuring dicalukan, kuring maju gék diuk dina korsi anu geus sadia.
Teu lila, ubral-obrol saeutik. Song amplop dibikeun ku guru jeung buku tabunganna.
"Mangga di étang bu!" cenah.
Di itung téh lumayan geuning.
Padahal kuring mah tara pati maliré tabungan budak, terus tara ngahususkeun méré duit jang nabung, ngan budakna wé hideng.
Tapi geus aya mah hareupeun, ku kuring di rawu, lumayan jang bekel lebaran aya jang meuli kupat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bersabarlah Selalu ada ujian yang akan menghantarkan kita menuju keberhasilan. apapun itu bentuknya sudah sebaiknya kita menerima dengan leg...